SAGAGANG KEMBANG ROS
BODAS
Hiliwir angin peting
Niisan hate nu keur rungsing
Sora Jangkrik ngan ngagerik
Caricangkas ukur mupuas
Ngan ukur bisa kedal
na rasa
Asih teh ngan ukur
ngolembar
Deudeuh teh bet jadi
hambar
Kuring sumegruk mudalkeun rasa
Nya didieu anjeun tetep renggenek
Disimbutan taneuh beureum
Dipapas tutunggul rasa.
Jungjunan....
Kamari urang balayar
duduaan
Meungkeut asih
pasini anu saati
Ngumbar rasa pinuh
kabagja
Jungjunan...
Geuning wanci geus lingsir ngulon
Cimata robah jadi sawangan
Sugan jaga urang tepang
Sagagang Kembang Ros
Bodas
Tilam asih marengan
rasa
Mapaes rasa katresna
Maturan anjeun
salawasna
`
Ah....
Layung beureum tos ngahibaran
Ninggalkeun sagagan kembang harepan
Wawakil rasa,
Marengan salawasna
Tidak ada komentar:
Posting Komentar